Babasan ( Ungkapan )Babasan nyaéta pakeman basa anu geus matok, boh ungkarana boh hartina. Babasan ungkarana pondok, umumna ngan diwangun ku dua kecap, sarta ngandung harti siloka.
Ungkapan adalah pakeman basa yang sudah terpatok, baik itu bentuknya maupun artinya. Ungkapan bentuknya pendek, umumnya dibangun oleh dua kata, serta mengandung arti kiasan.
Conto babasan ( contoh ungkapan dalam Bahasa Sunda ):
• Amis budi
Hartina téh nyaéta jalma anu hadé budi. Teu weléh seuri ka batur.
( Artinya yaitu orang yang budi pekertinya baik. Murah senyum kepada orang-orang. )
Conto kalimahna:
Lamun urang amis budi tangtu bakal dipikaresep ku batur.
• Leutik burih
Hartina téh nyaéta leutik haté , kurang kawani, atawa borangan.
( Artinya yaitu berhati kecil, kurang keberanian, atau penakut. )
Conto kalimahna:
Abdi mah lain jalma anu leutik burih , abdi mah ludeung arék kamana ogé .
• Gedé hulu
Hartina téh nyaéta sombong atawa adigung.
( Artinya yaitu sombong. )
Conto kalimahna:
Jadi jalma mah ulah gedé hulu, bisi diomong batur.
• Epés méér
Hartina téh babari ceurik, babari putus asa.
( Artinya yaitu mudah menangis, mudah putus asa. )
Conto kalimahna:
Néng Nina mah baku ari tos kitu téh, épés méér pisan.
• Laér gado
Hartina resep ménta ka batur.
( Artinya senang meminta ke orang lain. )
Conto kalimahna:
Atuh si Dudu mah kasohor pisan manéhna laér gado .
• Hampang birit
Hartina babari dititah, henteu kedul.
( Artinya mudah disuruh, tidak pemalas. )
Conto kalimahna:
Abdi mah resep piasan gaduh adi téh, hampang birit lamun dititah.
• Buntut kasiran
Hartina téh pedit, korét
( Artinya yaitu pelit. )
Conto kalimahna:
Ih abdi mah ijid pisan kana jalma anu buntut kasiran téh.
• Gurat batu
Hartina téh mawa karep sorangan.
( Artinya yaitu keras kepala, apapun yang dilakukan terserah padanya. )
Conto kalimahna:
Ulah sok gurat batu kitu ah, bisi diomongkeun ku batur.
• Hampang leungeun
Hartina téh babari neunggeul.
( Artinya yaitu mudah memukul. )
Contoh kalimahna:
Awewe ogé embungeun ari boga salaki hampang leungeun mah.
• Heuras genggerong
Hartina téh ngomongna kasar.
( Artinya yaitu berbicaranya kasar. )
Conto kalimahna:
Jalma nu heuras genggerong mah ngomongna kasar baé matak teu ngeunaheun batur.
• Pait daging
Hartina tara gering.
( Artina tidak pernah sakit. )
Conto kalimahna:
Pun biang mah pait daging da, tara kabéjakeun gering.
• Beurat birit
Hartina kedul, hésé dititah.
( Artinya pemalas, susah disuruh. )
Conto kalimahna:
Budak beurat birit mah ari dititah téh kedul, hésé jung.
• Leleus yuni
Hartina babari kasurupan.
( Artinya mudah kesurupan. )
Conto kalimahna:
Ulah dibawa ka tempat anu sanget si Ujang mah leuleus yuni bisi kasurupan.
• Hejo tihang
Hartina resep pipindahan.
( Artinya senang berpindah-pindah. )
Conto kalimahna:
Dasar hejo tihang mah, da tara betah cicing di hiji tempat.
SUMBER: http://www.bahasasunda.0fees.net/babasan.html
Tidak ada komentar:
Posting Komentar